Kedai Roti Ibu
Kedai Roti Ibu mangrupikeun tempat makan anu populer di kalangan pencinta
kuliner. Tempat ieu kasohor ku sajianna anu lezat jeung suasana vintage anu méré
rasa nostalgia. Ti mimiti olahan roti, pizza, dugi ka panganan Asia, sakabéh
menu di dieu dipilih kalayan taliti pikeun nyugemakeun rasa para pangunjung.
Henteu ngan ukur ngeunah, harga di dieu ogé ramah di kantong, berkisar antara
Rp5.000 – Rp25.000, janten cocog pikeun sadayana.Salah sahiji menu favorit di
dieu nyaéta Kwetiaw Goreng. Teksturna lemes tapi tetep kenyal, dipadu ku
bumbu anu nyerep kana unggal suapan. Rasa gurihna kacida ngeunahna, ditambahan
potongan daging sarta sayuran seger, nyieun menu ieu jadi pilihan utama pikeun
nu resep panganan gurih.
Ice Taro jadi pilihan minuman anu seger di Kedai Roti Ibu.
Rasa taro na kandel tur amisna pas, nyieun kasaimbangan rasa anu leuleus
di letah. Cocog pisan pikeun dinikmati sanggeus nyoba menu nu rada lada, sabab
nyegerkeun tur ngeunah.
hilap, Garlic Bread di dieu ogé kacida lezatna. Roti anu garing di
luar tapi hampang di jero, dibalur ku mentega bawang anu nyerep pisan.
Samentawis éta, Pizza Oriental nyayogikeun topping unik jeung
kombinasi rasa nu khas, ngajadikeun pizza ieu béda ti pizza biasa. Hot
Beef, sandwich daging sapi anu gurih tur ngeunah, ogé pilihan anu teu kaci
dilewatkeun.
Ku sajian anu nikmat ditambah suasana klasik nu nyaman, Kedai Roti Ibu
jadi tempat anu sampurna pikeun ngarasakeun panganan kalayan suasana anu béda.
Henteu ngan ukur ngeunah, tapi unggal menu di dieu ogé mawa rasa nostalgia anu
teu kapopohokeun. Pikeun nu hayang nganjang,
Kedai Roti Ibu perenahna di Jl. Tamansari No.66, Lb. Siliwangi, Kecamatan
Coblong, Kota Bandung, Jawa Barat 40132
Menu Menu makanan nu ku abdi di peser:
| Makanan | Harga |
|---|---|
| Kwetiau Goreng | Rp.10.000 |
| Garlic Bread | Rp.5.000 |
| Hote Beef | Rp.10.000 |
| Pizza Oriental | Rp.13.000 |
| Ice Taro | Rp.5.000 |
Cabang Kedai Roti Ibu :
- Kedai Roti Ibu perenahna di Jl. Tamansari No.66, Lb. Siliwangi, Kecamatan Coblong, Kota Bandung, Jawa Barat 40132
- Jl. Martanegara No.66, Turangga, Kec. Lengkong, Kota Bandung, Jawa Barat 40264
- Jl. Limo Raya, Limo, Kec. Limo, Kota Depok, Jawa Barat 16515
Vidio ngareview Kedai Roti Ibu
Daftar Pustaka :
- TikTok: @adillanurul17, anu nyarios yén menu pizza di Kedai Roti Ibu Saya raos sareng hargana terjangkau. ( https://vt.tiktok.com/ZSMUmSW1E/ )
- TikTok: @diankusumowati, anu nyebatkeun yén tempat ieu nawarkeun roti bakar kalavan harga mimitian ti Rp.5.000 sareng rupa-rupa menu. (https://vt.tiktok.com/ZSMUmwpTc/ )

.jpeg)